لَا اِلَهَ الَّاالله لَا مَوْجُوْدَ اِلَّا الله * لَا
اِلَهَ الَّاالله لَا مَعْبُوْدَ اِلَّا اللهْ
لَا اِلَهَ الَّاالله لَا مَطْلُوْبَ اِلَّا اللهْ * لَا اِلَهَ الَّاالله لَا مَقْصُوْدَ اِلَّا
الله
بِسْمِ
ٱللهِ تَوَكَّلْتُ عَلَى الله لا حَوْلَ وَلا
قُوَّةَ إلا بالله أَسْتَغْفِرُاللهَ العظيم ×3 وَاَتُوْبُ إِلَيْ
لَا اِلَهَ الَّاالله *
لَا مَوْجُوْدَ اِلَّا الله
Tayanu
nu wujud haqiqi * Salianna
ti dzat Alloh.
Alam
wujud na aridi * Tegesna wujud anyaran.
Maha
tunggal dzat Allohna * Lain menang ngagabungna.
Taya
sifat ka pangeranan * Salian
nu di dzat Alloh.
Maha
tunggal sifat Allohna * Hiji warna taya
rangkeupna.
Teu
aya anu napakan * Anging
damelna dzat Alloh.
Atuh
wajib di yakinkeun * Hingga Kudu Di Iqrorkeun.
لَا اِلَهَ الَّاالله *
لَا مَوْجُوْدَ اِلَّا اللهْ
Di
dieu kieu ayeuna *
Abi tapak dameul
Alloh.
لَا اِلَهَ الَّاالله *
لَا مَعْبُوْدَ اِلَّا اللهْ
Teu
aya nu di ibadahan * Salian dzat gusti
Alloh.
mun
aya nu di ibadahan * Lian Alloh eta
musrikin.
Atuh
wajib di sejakeun * Na kabeh amal-amalan.
Seja
bakti ka gusti Alloh * Amal hade di baktikeun.
Rejeung
ulah di lowongkeun * Tina bakti ka gusti
Alloh.
لَا اِلَهَ الَّاالله *
لَا مَعْبُوْدَ اِلَّا اللهْ
Na
dameul Alloh nu ieu * Abdi bakti ka dzat
Alloh.
لَا اِلَهَ الَّاالله *
لَا مَطْلُوْبَ اِلَّا اللهْ
Henteu
aya nu di suprih * Anging parentahan
Alloh.
Teu
aya nu di singkahan * Anging larangan dzat Alloh.
Parentah
Alloh teu di lakonan * Eta Can jadi muslimin.
Akukeun
jeung tarimakeun * Kabeh aturan pangeran.
Lamun
acan ngalakonan *
Tarimakeun kasalahan.
Eta
mu’minin pasikin *
Masih dosa mungguh Alloh.
لَا اِلَهَ الَّاالله *
لَا مَطْلُوْبَ اِلَّا اللهْ
Di pigawe kalakuan * Pedah parentah dzat Alloh
لَا اِلَهَ الَّاالله * لَا مَقْصُوْدَ اِلَّا اللهْ
Teu
aya anu di seja * Anging ridona dzat Alloh.
Harta
tahta jeung wanita * Tong
kabawa ku tujuan.
Mun
dina amal-amalan * Masih kabawa tujuan .
Salian
ridona Alloh *
Eta can jadi muhsinin.
Atuh
wajib di sejakeun * Na kabeh
amal-amalan.
لَا اِلَهَ الَّاالله * لَا مَقْصُوْدَ
اِلَّا الله
Di
pigawe kalakuan * Malar ridona dzat Alloh.
بِسْمِ ٱللهِ
تَوَكَّلْتُ عَلَى الله لا حَوْلَ وَلا قُوَّةَ إلا بالله أَسْتَغْفِرُاللهَ
العظيم ×3 وَاَتُوْبُ إِلَيْهِ